Selasa, 26 April 2011

Dadali Manting

Dadali manting tipeuting
Ngalayang kakalayangan
Neangan nu lawas ilang
Baturna duka kamana


Dadali manting tipeuting
Ngalayang kapileumburan
Hate duh kapigandrung
Nu ilang kawas nu pundung

Memang bongana manehna
Kacidana samokaha
Kaduhung sagede gunung
Kumaha nya pilampaheun

Dadali kabawa angin
Teu wasa nandangan lara
Tos teu kadenge deui sorana
Boa..Boa..Boa..Boa...
Tapi palias teuing..

Lamunan

Daun Kalapa nu oyag ka tebak angin
Siga gupayna kawas gupayna
Nu lawas ilang
Kasawang deui nembongan deui
Asih munggaran nu teu kahontal
Dina lamunan


Mun seug manehna
Kiwari aya gigireun
meureunan hate moal tagiwur
Dirungrung gandrung
Atuh kamana? naha dimana?
Ukur ngolebat dina lamunan
Dina lamunan

Unggal tempat tos dipapay
Manehna taya laratan
Unggal beja nu katampa
Dijugjug wale teu aya

Kembang-kembang ka tresna
Nu kungsi nyambuang
Ukur tinggal waasna
Nyeungitan lamunan

Duriat

Dina hate kuring anjeun cicing
Dina hate anjeun kuring cicing
Bener-bener henteu bisa ngejat
Dibeungkeut ku tali duriat

Sanajan loba nu daratang
Pating kuriling neangan lawang
Pating kaletrok kana panto hate
Tapi ku urang teu dipalire

Duriat teu bisa digantian ku rupa
Duriat teu bisa dihilian ku harta
Duriat teu bisa di aya-aya
Duriat datang na heunteu kapaksa

Dikotretkeun dina hate tidituna
Diguratkeun dina rasa tidituna
Dibuka di baca ku urang duaan
Di jaga di riksa pinuh rasa ka heman

Selasa, 05 April 2011

jual Icom 25a bandung

Jual Icom 25a pake sendiri normal, sdah pake kipas belakang, harga 950 rb nego cod bandung harga nego asal jangan afgan hub 081809366459